Siasat Tukang Urut

share to whatsapp

Geus aya 3 bulanna Kang Ikin jadi tukang urut. Tah, manehna muka praktek di pos ronda. Ti isuk keneh manehna can meunang pasen. Sabot keur ngahuleng, aya jalma anyar ngadatangan manehna.
"Kang, punten bade tumaros.. dupi bumina Pa Kuwu di mana nya?" tanya eta lalaki nu ngaranna Iwan Ridwan tea.
"Oh, bade ka Pa kuwu? Rada sesah Kang pami bade ka bumi Pa Kuwu mah." jawab Kang Ikin.
"Euleuh, kutan? Tebih kitu?" tanya Kang Iwan deui.
"Sanes kitu Kang, rada rumit bade ka bumi Pa Kuwu mah!"
"Ah, teu nanaon. Sok we jelaskeun lebah-lebahna. Keun ku abdi pasti dijugjug."
"Mangga atuh. Pami bade ka bumi Pa Kuwu mah, Akang ayeuna ka palebah tajug, ti dinya teras mengkol ka kenca, tah palebah bumi nu warna koneng nu aya kandang monyet... Akang teras mengkol ka katuhu. Aya kana 200 meterna...Akang bakal mendakan kandang domba. Tah, teras we mapah, dugi mendak jalan cagak. Akang mengkol ka katuhu... Tuturkeun we arah jalan. Engke bakal mendakan lapang volly. Tah ti dinya mah tos caket. Caket lapang volly aya gang, Akang lebet ka Gang eta. Teras taroskeun wae bumi nomer 24. Tah, eta bumina Pa Kuwu." Kang Ikin ngajentrekeun.
"Aduh, hatur nuhun pisan informasina Kang. Mangga ah" Kang Iwan langsung ngingkig bari teu poho nganuhunkeun.

Aya sakira satengah jam....
Kang Iwan... kaluar ti gang. Manehna jog anjog jeung pos ronda.
"Ke, naha uing bet ka dieu deui? Tapi, da bener eta tadi arahan ti tukang urut teh!" gerentes Kang Iwan bari nyampeurkeun Kang Ikin nu keur nyiapkeun minyak urut, "Kang, naha abdi teu lepat bet ka dieu deui? Meni asa gempor kieu yeuh sampean. Geuningan anjog ka dieu deui?"
"Leres Kang. Tuh, bumi Pa Kuwu mah apanan payuneun ieu pos ronda!" Jawab Kang Ikin bari nunjuk imah Pa Kuwu nu persis aya hareupeun pos ronda.
"Na ari Akang atuh meni nyiksa ka abdi? Sanes tunjukkeun langsung wae atuh? ieu suku meni carangkeul nuturkeun jalan. Jaba tadi nyasab-nyasab heula deuih." Tanya Kang Iwan dibarengan ku kesel.
"Eh, ari Akang... pami teu kitu atuh abdi moal kenging pelanggan. Kan ayeuna Akang pasti carangkeul tah? Pastina Akang hoyong diurut alias dipijat? Sok we Kang... kantun ngagoler. Sareng deuih, apanan Pa Kuwu sareng kulawargina oge nuju ameng ka Dufan! Janten teu araya sasaha di bumina! Mung aya ucingna."
"Beuh!! Dasar politik tukang urut. Heueuh.... nyapekeun pisan. Nya geus... pencetan uing lah!! Jual dedet pisan ilaing mah jadi tukang urut teh! Make nyiksa awak uing heula nepi kacarangkeul kieu!" jawab Kang Iwan bari ngadapang bari terus ngutruk. Langsung Kang Ikin ngoleskeun minyak urut kana bitis Kang Iwan.

Hate Kang Iwan noroweco. Antara katipu, cangkeul bitis, awak ngesang, jeung kesel teu panggih jeung Pa Kuwu. Padahal kan manehna teh arek nipu Pa Kuwu niatna ge kalayan jadi wartawan gadungan. Kabeneran Pa Kuwu keur keuna ku kasus TLC-gate. Kang Iwan niatna mah rek meres Pa Kuwu. Ari pek? © Abah Amin



Follow:
Instagram twitter