Logika Orok

share to whatsapp

Kacaritakeun aya dua orok masing-masing di jero kareta dorong. Orok nu kahiji ningali ka orok di gigireunnana,
“Ari maneh awewe atawa lalaki?”
“Teuing atuh,”jawab orok nu kadua.
“Uing nyaho da,” ceuk orok nu nanya tadi, ”maneh mah pasti awewe. Uing pasti lalaki!”
“Wah, maneh pinter euy,” ceuk orok nu kadua, “kumaha carana bisa nyaho kitu?”
“Gampang! Maneh make baju kayas, sedengkeun uing mah make baju biru!”





Follow:
Instagram twitter