Curhat Hileud

share to whatsapp

Aya 3 hileud keur curhat dina hiji tangkal.

"Sakapeung mah kuring sok hayang botak atawa digalingkeun. Bosen ieu bulu jocong jeung loba kieu... " ceuk hileud bulu mulai curhat.
"Euh, sarua. Hiji waktu mah kuring hayang tong ngajeungkalan wae. Kali-kali mah hayang ngadeupaan. Dijeungkalan wae mah hese! Lila ngukurna..." curhat hileud jeungkal.
"Aaah... teu sabaraha. Maraneh mah masih keneh untung ngalaman budak, rumaja, nepi kolot. Ari kuring? Angger we saumur hirup jadi orok!" ceuk hileud orok bari ngaleos. © Abah Amin




Follow:
Instagram twitter